Galinggem

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Jump to navigation Jump to search
Galinggem
Buah Galinggem
Klasifikasi ilmiah
(unranked): Angiosperms
(unranked): Eudicots
(unranked): Rosids
Order: Malvales
Génus: Bixa
Spésiés: B. orellana
Ngaran binomial
Bixa orellana
L.
Sinonim[1]
  • Bixa tinctaria Salisb.
  • Orellana orellana (L.) Kuntze
  • Bixa orleana Noronha
  • Bixa americana Poir.
  • Bixa purpurea Sweet
  • Bixa odorata Ruiz & Pav. ex G.Don
  • Bixa acuminata Bojer
  • Orellana americana (Poir.) Kuntze
  • Bixa upatensis Ram.Goyena
  • Bixa katangensis Delpierre

Galinggem (Bixa orellana) nyaéta hiji tangkal anu kawilang leutik (ngarungkun) jangkungna kurang leuwih 2-8 Méter, asal muasalna ti wewengkon tropis Amérika Kalér, Tengah jeung kidul. Sikina diolah dimangpaatkeun nyampuran bahan-bahan bungbu masak, bahan nyieun kelir kayaning kelir pakéan, kosmétik, utamana dimangpaatkeun pikeun gincu, ku lantaran ieu pisan tangkal galinggem katelah ogé tangkal gincu.

Disababaraha daérah galinggem bisa kapanggih sanajan béda ngaran, Urang bugis nyebut tangkal galinggem ku sebutan bunga parada, Urang Melayu nyebutna kunyit jawa, taluka katelah di Ambon, kesumba sebutan urang (Minangkabau), jeung sumba keling katelah di (Jawa), urang Inggris rocouyer

Mangpaat galinggem[édit | édit sumber]

Tangkal galinggem mibanda sabaraha kandungan kimia anu bisa dimangpaatkeun umpamana dina bagéan tangkal jeung daunna aya kandungan sanyawa tanin, kalsium oksalat, saponin, lemak. Akar jeung sikina ngandung sanyawa kimia anu bisa dimangpaatkeun pikeun bahan kelir nyaéta biksin, norbiksin, orelin, jeung zat samak ogé damar.

Tangkal galinggem bisa ogé dimangpaatkeun pikeun ubar nyeuri beuteung, ubar rieut , jeung ubar raheut. Daun galinggem ogé mibanda sanyawa kimia di antarana flavonoid, polifenol jeung minyak atsiri, Sedengkeun palebah sikina mibanda hiji zat kelirna beureum. Di Indonésia hususna, mindeng dimangpaatkeun pikeun gincu (lipstick), mulas kuku bisa ogé keur mulas buuk. Sagigireun dimangpaatkeun pikeun ubar, kosmetik, ogé dipaké ngawarnaan kadaharan olahan saperti mantéga, kéju katut bahan tékstil

Di Amerika tengah jeung kalér. Tangkal galinggem dipaké bahan bungbu masakan anu kelirna kayas nepika beurem dina olahan masakan sapopoé kayaning borondong jagong, sosis, kuéh jeung sajabana.[2]

Tempat hirup jeung asal muasal[édit | édit sumber]

Kembang galinggem
Buah galinggem geus kolot, sikina beureum

Tangkal galinggem atawa Bixa orellana ganpang pisan ngarekahan, ku jalan melakeun sikina, ieu pepelakan jadi kalawan subur ditempat anu mibanda cukup cahaya panon poé, ulah nepi ka kahieuman, taneuhna anu subur tur cukup mibanda cai, tangkal Galinggem ogé bisa leuwih subur utamana dipelak dina hawa anu jemlek (lembab).[3]

Tayalian urang Apanyol dina abad ka-17 mimiti ngawanohkeun ngadagangkeun hasil siki buah galinggem ka nagara Amérika kalér, Amerika Tengah , Karibia , Afrika, katut nagara India jeung Sri Lanka, contona nagara Brasil kaasup kana nagara anu mikabutuh kana hasil Siki buah galinggem. Dumasar data anu aya teu kurang 10.000 ton siki galinggem dihasilkeun ti sakuliah dunya, 7.000 ton di antarana di dagangkeun dipasar internasional. Nagara peru mangrupa nagara pang lobana ka dua ngahasilkeun ieu siki, teu kurang ti 4.000 ton sahandapeun Brasil anu ngahasilkeun kurang leuwih kana 5.000 ton. Kenya.[4]

Kabutuhan industri[édit | édit sumber]

Kéju maké Kelir tina siki galinggem
Minyak Bixa orellana (galinggem)

Saméméhna révolusi industri ngahasilkeun kelir sintétik, Tangkal galinggem ieu dipelak dina jumlah anu loba pikeun tujuan komérsial hasilna dijieun celep atawa pigmen, diekstraksi ku jalan ngagodong ieu siki, hasilna dipaké ngeliran kéju , margarin , coklat , kaén jeung cét . siki galinggem mibanda loba tocotrienol, beta - karoten, minyak esensial , lemak, flavonoid jeung vitamin C .[5] sakabéh kabutuhan siki galinggemna didatangkeun ti kebon-kebon sabudeureun Amerika Latin, Afrika, jeung Asia.

Bungbu masak[édit | édit sumber]

Tayalian Annatto (/ənætoʊ /atawa/ ənɑːtoʊ /) nyaéta salah sahiji bungbu jeung kelir olahan oranye atawa beureum anu asalna tina siki galinggem (Bixa orellana). Mindeng dipaké pikeun nyieun kelir konéng, beureum atawa oranye pikeun kadaharan olahan. sakapeung ogé dipaké pikeun panyeungit kana masakan olahan.[6]

Siki buah galinggem disababaraha tempat dimangpaatkeu pikeun campuran bungbu masak jeung rempah-rempah séjéna, umpamana waé di Amérika Latin, Jamaika, Chamorro, jeung Filipina ku jalan di rieus atawa ditutu nepika bubuk tuluy dicampurkeun jeung bungbu séjéna. DiBrasil, siki meunang ngarieus ieu disebutna colorau atawa colorífico anu mana engkéna dicampurkeun jeung kacang suuk atawa jagong. di Mexico ieu bungbu katelah recado rojo ' ' atawa" achiote paste" maké campuran rempah-rempah séjéna. Di Spanyol nelahna sazón (bungbu dina basa Spanyol ) ilaharna dipaké dina Puerto Rico tayalian masakan daging atawa lauk. Sazón dijieun tina siki Galinggem, jinten, siki katuncar, uyah, jeung tipung bawang bodas[7]

Ubar tradisional[édit | édit sumber]

Siki galinggem mibanda tocotrienol , nyaéta anu susunan sanyawana mangpaatna pikeun antioksidan lemak larut, vitamin E. Numutkeun panalungtikan gizi éta bisa dimangpaatkeu pikeun antiangiogenic .[8] [lain sumber data utama] henteu jiga kalapa sawit atawa paré, teu mibanda tokoferol , ku alatan ieu mangrupa sumber alami sanyawa tocotrienol kalawqan aktivitas antioksidan in vitro .

Di India tangkal galinggem kacatet kana salah sahiji tangkal anu dimangpaatkeun pikeun ubar tradisional[9] sok sanajan kitu, panalungtikan ku jalan medis ngeunaan hasit galinggem tacan pernah aya catetanna.

Gallery[édit | édit sumber]

Dicutat Tina[édit | édit sumber]

  1. Kew World Checklist of Selected Plant Families
  2. Levy, Luis W.; Rivadeneira, Diana M. (2000). "Annatto". Di Lauro, Gabriel J.; Francis, F. Jack. Natural Food Colorants Science and Technology. IFT Basic Symposium Series. New York: Marcel Dekker. p. 115. ISBN 0-8247-0421-5. 
  3. Lord, Tony (2003) Flora : The Gardener's Bible : More than 20,000 garden plants from around the world. London: Cassell. ISBN 0-304-36435-5
  4. Jansen, P.C.M. (2005). Jansen, P.C.M.; Cardon, D., ed. "Bixa orellana L.". PROTA 3: Dyes and tannins/Colorants et tanins. PROTA. Diarsipkan dari versi asli tanggal 20 Nov 2008. Diakses tanggal 5 Oct 2014. 
  5. ngela de Almeida Meireles, Maria; Lima Cavalcante de Albuquerque, Carolina. "Processo otimizado para obtenção de óleo rico em antioxidantes de urucum" (PDF). Inova (dalam Portuguese). Unicamp. Diakses tanggal 2 Jun 2015. 
  6. "Encyclopedia of Spices". TheEpicentre.com. Diarsipkan dari versi asli tanggal 16 July 2011. Diakses tanggal 24 August 2011. 
  7. "New Crops from Brazil". Purdue University. 1990. Diakses tanggal 24 August 2011. 
  8. Miyazawa, Teruo; Nakagawa, Kiyotaka; Sookwong, Phumon (2011). "Health benefits of vitamin E in grains, cereals and green vegetables". Trends in Food Science & Technology 22 (12): 651. doi:10.1016/j.tifs.2011.07.004. 
  9. Khare, C.P. (2007). Indian Medicinal Plants. New York: Springer Science+Business Media, LLC. ISBN 978-0-387-70638-2.  cited in Wanga, Limei; Waltenbergerb, Birgit; Pferschy-Wenzigc, Eva-Maria et al. (30 July 2014). "Natural product agonists of peroxisome proliferator-activated receptor gamma (PPARγ): a review". Biochemical Pharmacology (Elsevier) 92: 73–89. doi:10.1016/j.bcp.2014.07.018. ISSN 0006-2952. PMC 4212005. PMID 25083916. http://www.sciencedirect.com/science/article/pii/S0006295214004249#. Diakses pada 9 Aug 2014. 


Baca Ogé[édit | édit sumber]

  • Van Wyk, Ben-Erik (2005). Food Plants of the World. Portland, Oregon: Timber Press, Inc. ISBN 0-88192-743-0
Nulis.jpg